Aan Darwati – Tilam Sono (Lirik
Lagu)
Ieu lagu tilam sono. Nyanggakeun kanu ngadangu 2x.
Lumayan sabrang salayang. Leubeut kacapi mah
heunteu.
Lumayan tambih lumayan. Leubeut ka sae mah heunteu.
Ari lagu tilam sono. Nyanggakeun kanu ngadangu 2x
Kapiting katojo bulan. Kokosan bantun ti lamping.
Sapeuting rasa sabulan. Ngantosan kanu can sumping.
Ieu lagu tilam sono. Dikaput ku benang sutra
Ieu the acuk kimono. Dikaput ku benang sutra.
Sapanjang dipikasono. Sok hoyong dipikacinta.
Sok hoyong meser kimono. Dikaput ku benang hideung
Sok hoyong dipikasono. Sok hoyong dipikatineung.
Sanajan ditula - tali. Moal cara jeung areuyna.
Sanajan digunta – ganti. Moal cara jeung anjeun na.
Kadongdong amis cai na. Meser apel dikorangan
Abong 2x abdi hina. Midamel wae lantaran
Jauh 2x manggul awi. Nyiar 2x pimerangeun.
Jauh 2x neang abdi. Geus cakeut disapirakeun.
Harumpay daun harumpay. Harumpay daun na hideung.
Paturay urang paturay. Paturay kantun nya nineung.
Keterangan
Album :
Genre : Kliningan
Album : Emut Malati.
Sinden : Aan Darwati.
Wira Swara : Iin Subarjah.
Pimpinan : Takrim.
Pirigan Gamelan : Kliningan Alam katukang.
Produksi : Dian Record.
Keterangan
Isi Album :
NO
|
SIDE A
|
SIDE B
|
1
|
Emut
Malati
|
Kapinis
Dimana Mandi
|
2
|
Kacapi
Nu Jadi Saksi
|
Ka
abdi
|
3
|
Ekek
Paeh - Tablo
|
Tilam
Sono
|
4
|
Ombak
Banyu Gaya Baru
|
Eros
– Sedih Prihatin
|
5
|
Caringcing
|
Aneka
Pasar Baru
|
Comments
Post a Comment