Idjah Hadidjah – Sari Kancana (Lirik
Lagu)
Ngagebur cahya na
mancur. Nya’angan sabudeureun.
Tinggurilap harurung. Katingal
matak ku nyari
Da puguh cahya kancana.
Nu nyawang bati kataji.
Kataji kunu ngagebur.
Mana ngempur mancar.
Olohok teu cumarita. Bari
muji endah asri.
Kana damelan yang widi.
Manusa mo bisa nyanding.
Loba oge anu niru.
Ngeunteu ceples jeung nu asli.
Boh sari na boh harga
na. Jauh ti tanah ka langit.
Hese nyarua’anana.
Nandakeun apan nu gusti.
Karajaan Singasari. Aya
na di Jawa Timur.
Jalma nu sok ngaji
diri. Hirup na tara takabur.
Lamun anggang sok
tibelat. Suka teuing mun ngahiji.
Ti batan pegat duriat.
Suka di pegat ku pati
Cikuray gunung Cikuray.
Tempat mojang geulis.
Mun Paturay. Mun
paturay abdi nangis.
Keterangan
Album :
Genre : Jaipongan.
Album : Napsu.
Sinden / Juru Kawih :
Idjah Hadidjah.
Kendang : Namin.
Wira Swara : Dadi leor.
Pirigan Gamelan :
Juhara Group.
Produksi : JHR Group.
Keterangan
Isi Album :
NO
|
SIDE A
|
SIDE B
|
1
|
Napsu
|
Di
Taman Endah
|
2
|
Peugat
Kasono
|
Padagang
Leutik
|
3
|
Harewos
Hate
|
Sari
Kencana
|
4
|
Leungiteun
Kakasih
|
Sumber
Sari
|
Comments
Post a Comment