Dedeh Winingsih – Rancagan (Lirik
Lagu)
Karajaan singosari.
Ayana di jawa timur.
Jalma nu sok ngaji
diri. Hirup na tara takabur.
Lamun calik dina korsi.
Ulah mayun kana bilik.
Sing bisa mariksa diri.
Ulah arek sirik pidik.
Putri arum tunjung
bulan. Jatnika mantengkeun panah
Tepung taun mendak
bulan. Abot tineung Nu kantun manah
Ratu galuh pucuk umun.
Ngariung ngan keur perbayaksa.
Nu dipibutuh ku umum.
Silih tulung ngan jeung bangsa.
Nyimpeun surat dina
bilik. Sawios katara oge.
Atos kudrat atos milik.
Sawios sangsara oge.
Katumpang daun
katumpang. Pacampur daun solasi.
Disabaran abdi tepang.
Heunteu pegat – pegat asih.
Hirup pinuh ku kapeurih.
Tunggara taya kendat na.
Padahal kirang kumaha.
Teu mungpang kuma Dzat - Na
Tapi dalah dikumaha.
Mun aral asup na dosa.
Pastina aya tungtung
na. Welas asih ka umat - Na.
Nu mawi urang sadaya.
Kedah emut ka manteun - Na.
Sanaos matak cocoba.
Tarima sabar jalan na.
Keterangan
Album :
Genre : Kliningan
Album : Carecet Bodas
Sinden : Dedeh
Winingsih.
Alok / Wira Swara :
Mang Barna.
Pirigan Gamelan :
Gamelan Klasik Abadi
Produksi : Pandawa
Record.
Isi
Album :
No
|
SIDE A
|
SIDE B
|
1
|
Carecet
Bodas
|
Kidung
Ibu Pertiwi
|
2
|
Kataji
Nyi Ronggeng
|
Tepung
Dipanggung
|
3
|
Salam
Manis
|
Rancagan
|
4
|
Kulu
– Kulu Gancang
|
Istri
Padati
|
Comments
Post a Comment