Dedeh Winingsih – Sanga Gancang (Lirik
Lagu)
Daun kawung jeung
tarate. Katinggal pucuk na piteus
Nu jangkung pujaan
hate. Katinggal imut na pantes.
Kapungkur mah kota
bratawi. Ayeuna mah gentos Jakarta.
Kapungkur mah patali
jangji. Ayeuna patepang nyata.
Cangkurileung
ngageuleupeur. Singaparna da leubak wangi.
Najan nineung abdi
tegar. Nyangkir na mah mung saweungi.
Kilangbara jadi awi. Awi
gombong da pitalieun.
Kilangbara jadi hiji.
Ulah sok pikanyeurieun.
Manuk pi’it jeung
kapinis. Dilebak na keur nyaratuan.
Sapamait samamanis. Nu
disebat tea persatuan.
Di banjaran seu’eur
buta. Dibaros seu’eur kompeni.
Panasaran ti baheula. Rek
naros teu pati wani.
Daun kangkung jeung
tarate. Katinggal pucuk na piteus.
Nu jangkung pujaan
hate. Katinggal imut na pantes.
Kamana jalan cibulu.
Rek nanjak ka cimandiri.
Kasaha abdi nyalu’uh.
Mun mendak tunggara diri.
Keterangan
Album :
Genre : Kliningan
Album : Imut Ka Saha
Sinden : Dedeh
Winingsih.
Pirigan Gamelan :
Sampurna Group
Produksi : Sampurna
Record.
Isi
Album :
No
|
SIDE A
|
SIDE B
|
1
|
Imut
Kasaha
|
Anggrek
Bulan
|
2
|
Tawis
Soca
|
Golewang
– Sinyur
|
3
|
Awet
Rajet
|
Sanga
Gancang
|
4
|
Lara
Lara – Sari Kaya
|
Angle
|
Comments
Post a Comment