Dedeh Winingsih – Super Kidung (Lirik
Lagu)
Bul kukus mancur ka manggung.
Ka dewi para pohaci kabatara sang dewata.
Sanghyang dewi pertiwi.
Ka buana Panca tengah. Ngidung mending lemah cai.
Neda agung sampurasun.
Ka sadayana eusining dedemit … rogahala duruwiksa
Mugi ulah hiri dengki.
Sing sami – sami ngajaga. Ngajaring ka Yang Pertiwi
Nu ti kaler ti kidul. Nu
ti tepis wiring basisir. Nu ti kulon anu ti wetan.
Suku gunung lamping
pasir. Nu ngageugeuh panca tengah. Putra putu mugi jaring.
Jembar kanu maha agung.
Ka gusti robbul ijati. Muga – muga Indonesia.
Tebih marganing balai. Atos
dina kajembaran. Subur makmur loh jinawi.
Kidung bayu … Bayu
ugeuran … Bayu hurip. Hurip waras sadaya na.
Sapangeusining nagri. Kayaning
kapajurit na. Da ngalaga raspati
Heunteusing para linuhung
paralinuwi. Ka bangsa Indonesia.
Malati ibu pertiwi
ngemban nagara amarta. Magelaran nagri RI.
Kalawan asma nu agung.
Alloh anu weulas asih. Masihan kanugrahan.
Kaseniman seniwati
karyawan ti sadaya na. Tos gumulung jadi hiji
Bulat tekad nohon
maksud. Niat berjuang babakti. Ngabela kajayaan bangsa.
Ku karya nu dipimilik. Ditulis
seni utama. Nu perlu lahir jeung batin.
Nu nungtun jalan
rahayu. Ka bangsa ka lemah cai. Dilelemah Pancasila
Nu dituju adil makmur keur
dunya rawuh aherat. Kurnia Alloh nu goib.
Amin ya robbal alamin
gusti sing kasubadanan.
(Jangjawokan sagala
dipapay. Omat Ulah diturutan bilih musyrik. Ieu mah ngan saukur lagu)
Keterangan
Album :
Genre : Jaipongan
Album : Super Kidung
Sinden : Dedeh
Winingsih.
Reubab : Eutik Muchtar
(Bandung).
Kendang : Wacim
(Karawang).
Alok : Mang Adang
(Subang)
Pirigan Gamelan :
Sampurna Group
Produksi : Pandawa
Record.
Isi
Album :
No
|
SIDE A
|
SIDE B
|
1
|
Super
Kidung
|
Gaya
|
2
|
Dikantun
Mulang
|
Peugat
Duriat
|
3
|
Hanjakal
|
Kedul
Mandi
|
4
|
Catrik
|
Oray
Welang
|
Comments
Post a Comment