Enah Sukaenah – Panulisan – Panyawangan
– Bale Kambang (Lirik Lagu)
Enah Sukaenah – Panulisan (Lirik Lagu)
Sareupna lebah
mumunggang. Wa’as pacampur jeung ceurik.
Reang tonggeret
banenan. Patembalan silih geunti.
Sinar layung musnah
leungit. Ukur cahaya na wungkul.
Ciang – ciang
maridangdam. Gelebeg na indung peuting
Ca’ang bulan ngan
saukur tiga sayang.
Babakan sisi wahangan.
Nyorang lebak pipir lamping.
Tarengtong tembong
batuna. Susukan nyerelek leutik.
Babadak anyaman awi.
Ngocorkeun cai ka situ.
Simpangan sasakra
wayang. Meulit injuk cangred awi.
Mun lebah tanjakan
gunung tutugan.
Enah Sukaenah – Panyawangan (Lirik Lagu)
Ari nu jadi angkeuhan.
Kahayang the dina . Geus
moal sulaya deui
Tapi buktos na
ngageuri. Ngan ukur impian wungkul.
Laksana dina lamunan. Ngalamun
nu lain – lain.
Panyawangan anu jadi
panineungan.
Enah Sukaenah – Bale Kambang (Lirik Lagu)
Titinggalan disawang
tikateubihan. Harita di bale kambang.
Lebah juar panineungan.
Basa leungiteun paninggal.
Asa dina pangimpian. Anu
kungsi karandapan.
Ngarakacak teu aya keur
sumalindung. Kuring ceurik jero ati.
Sakapeung bati arewuh.
Ari ras ku milik diri.
Asa ku teu daek
jongjon. Teu benang dibangbalerkeun.
Mangsa harita neuteup
asih dimumungang. Patepung munggaran pisan.
Ngedalkeun katineung
ati. Mituhu Nungguan jangji.
Nya bulan anu nyaksian.
Bari mipit kekembangan.
Keterangan
Album :
Genre : Tembang Sunda
Cianjuran
Album : Bale Kambang
Vol. 1
Juru Kawih 1 (Laras
Sorog) : Enah Sukaenah dan Ibu Saodah.
Para Nayaga 1 : Ebar
Sobari (Kacapi Indung), Ajan Marjan (Kacapi Rincik 1), Acep Eddie (Kacapi
Rincik 2 dan Rebab), Nana S (Suling).
Juru Kawih 2 (Laras
Pelog) : Ibu Saodah.
Para Nayaga 2 : Ebar
Sobari (Kacapi Indung), Ajan Marjan (Kacapi Rincik), Burhan S (Suling)
Pirigan Gamelan : Group
Kesenian Dewi Angrum Sumedang dan Pamekaran II Group
Pimpinan : Dadang
Purnama BA dan Unbari
Produksi : Whisnu
Record.
Keterangan
Isi Album :
NO
|
SIDE A (LARAS
SOROG)
|
SIDE B (LARAS
PELOG)
|
1
|
Bubuka
|
Bubuka
|
2
|
Panulisan
- Panyawangan – Bale Kambang
|
Papatet
Ratu – Sampiung – Mamanis – Teunangan
|
3
|
Tampangan
- Sinom Rakitan - Haliwawar
|
Jemplang
Ceurik – Candra Wulan – Kaleon – Tatalegongan – Kanyeunyeurian
|
4
|
Kumambang
– Patali Margi – Deudeuh Asih
|
Sinom
Baluas – Sumilir - Sabeleleran
|
Comments
Post a Comment