Ida Widawati – Luminjing – Gerentes
Ati (Lirik Lagu)
Ida Widawati – Luminjing (Lirik Lagu)
Luminjing di alam
lahir. Teu kongang saweunang – weunang.
Horeng ari ngalalakon.
Sagala teu sakahayang sok aya bae halangan.
Teu weuleh diukur
waktu. Teubih ti kareup sorangan.
Ida Widawati – Gerentes Ati (Lirik Lagu)
Kantun ati miasih nu
lain – lain. Nganteur tineung kahayang teu dileuleumu.
Hate meulit ngajeurit
maratan langit. Namung pasrah da puguh kieu jadi na.
Mung anjeun na nu
tumeuteup kumalayang. Dina hate nu taya pisan keundat na.
Kuring pamit pang
neupikeun ka jirim na. Da jirim mah teuteup mayeung babarengan.
Kuring lumpat rek
nohonan harewos na. Najan anggang kawas bulan jeung ca’ang na.
Kitu geuning mungguh
gerentes na ati. Najan meulang teu wasa ngahalang – halang.
Tinu jauh geulak –
geulik sora suling. Hawar – hawar kabawa hiliwir angin.
Matak keular kahudang
rasa ciptaan. Wuwuh sedih nambihan kabingung ati.
Duh … jungjunan … Mung
anjeun anu ningali. Ka’aya’an yeun raheut na hate abdi.
Keterangan
Album :
Genre : Tembang Sunda
Cianjuran
Album : Pasini Sulaya
Juru Kawih : Ida
Widawati
Pirigan Gamelan :
Lingkung Seni Malati
Pimpinan : M. Ili
Sadeli
Produksi : Asmara
Record.
Keterangan
Isi Album :
NO
|
SIDE A (LARAS SALENDRO)
|
SIDE B (LARAS
SOROG)
|
1
|
Lampuyangan
– Asmarandana Ciawian – Renggong Malang
|
Pasini
Sulaya - Midangdam
|
2
|
Garutan
– Kapilara - Sumarambah
|
Sarungsum
– Sekar Gambir - Panyuat
|
3
|
Purbolinggo
– Lara Lara
|
Luminjing
– Gerentes Ati
|
Comments
Post a Comment