Nunung Nurmalasari – Jangkrik (Lirik
Lagu)
Eling … eling … mangka
eling. Rumingkang di bumi alam.
Darma wawayangan bae.
Raga taya pangawasa.
Lamun urang Kasasar nya
lampah. Napsu nu matak kaduhung.
Badan anu kateumpuhan.
Jisim nu matak ngarasa
peurih. Raga nu ngarasa lara.
Hate nu matak ngarasa
cape. Hareudang panas bayeungyang.
Purwa perbawa na amal. Ulah
ujub sumawon takabur.
Ulah sirik ku
pamanggih. Ulah nyacab kanu lian.
Deungeun mah pikeun tuladan.
Hade goreng geuning kasawang.
Ukur tangtung nu
sakujur. Sasaran di badan urang.
Nu lian keur enteng wae.
Ditalungtik anu estu.
Ngalirik diri pribadi.
Horeng teh heunteu
sampurna. Diri kena owah gingsir.
Heunteu bisa kumawasa.
Usik malik keursa gusti.
Keterangan
Album :
Genre : Kliningan
Album : Sorong Dayung
Kombinasi
Sinden / Juru Kawih :
Nunung Nurmalasari.
Wiraswara (Engkus Kuswara),
Penata Lagu (Arief Nugraha Rawanda), Wiyaga (Giri Harja group)
Pangrawit : Kendang
(Berlin Sonix), Saron Pangbarep (Arief), Saron Pangbayun (Koeswara), Peking (Ijal
Farijal), Bonang (Adeng Hudaya), Rebab (Car - Rud), Demung (Iki Boleng), Rincik
(Rahadian Nugraha), Gambang (Arie Doekoen), Kenong Wadon (Osid Sungkawa),
Kenong Lanang (Ujang Rachmat).
Pirigan Gamelan : Giri
Harja Group
Pimpinan Produksi: Dodi
Darsono
Produksi : SP Record.
Keterangan
Isi Album :
NO
|
SIDE A
|
SIDE B
|
1
|
Sorong
Dayung Kombinasi
|
Sungsang
|
2
|
Jangkrik
|
Paksi
Tuwung
|
3
|
Balenderan
|
Rancag
|
4
|
|
Mitra
|
Comments
Post a Comment